Ngitung Kakuatan Ki Sunda

Kakuatan Paguyuban Pasundan (PP) nu saujratna kudu dipikanyaho kalawan jelas, utamana mah ku para pangurus jeung anggotana. Pikeun maluruh sakumaha gedéna kakuatan nu dipimilik ku PP

1-KI-KAI-BWWANGKONGAN jarak jauh jeung nonoman Sunda nu kiwari keur ngumbara di Australia, Iip D. Yahya. Tali batin mah angger manteng ka pakusarakan. Salahsahijina namper nyaliksik organisasi Sunda anu ngilu nganteurkeun Indonésia ngahontal kamahardikaan taun 1945.

Tokoh kasundaan nu moyan dina widang pulitik, Tjétjé H. Padmadinata ngajejeran salah sahiji bukuna Hombre Apecibido Medio Combatido, tatahar nu asak satengahna tina karahayuan. Hiji pasukan nu rék perang, diperedih tatahar kalawan asak, jinek ngitung kakuatan sorangan jeung kakuatan lawan, sarta merenah milih strategi, lolongkrang pikeun ngahontal karahayuan geus nampeu hareupeun.

Kitu pisan PP poé ayeuna enggoning ngigelan organisasi Sunda nu lianna katut organisasi massa étnik séjénna, kitu deui jeung lembaga-lembaga di mancanagara, diperedih tatahar kalawan asak. Sabaraha urang saenyana jumlah pangurus jeung anggota PP nu aktif? Salila ieu, angka nu kaluar di média atawa laporan panalungtikan nya éta jumlah sakola jeung paguron luhur nu dikokolakeun ku PP. Kakuatan PP nu saujratna kudu dipikanyaho kalawan jelas, utamana mah ku para pangurus jeung anggotana. Pikeun maluruh sakumaha gedéna kakuatan nu dipimilik ku PP, copélna bisa ngadadarkeun perkara-perkara:

  1. Dina widang atikan, di mana posisi opat paguron luhur PP di antara paguron luhur nu aya? Di mana kapunjulan 104 sakola menengah nu dipayungan ku PP dibandingkeun jeung sakola satingkat nu dipimilik ku pamarentah atawa swasta lianna? Sabaraha urang pakar pendidikan nu dipimilik nu diaku réputasina di tingkat nasional jeung internasional.
  2. Dina widang sosial, naon waé program PP nu adek tur ngawujud kalawan nyata ngajait masyarakat nu masakat boh lahirna boh batinna — tina kamiskinan jeung tuna élmu — hususna di kalangan urang Sunda. Sabaraha urang pakar sosial nu dipiboga nu bisa ngarundaykeun pasualan sosial bangsa sakaligus jeung méré jalan pikeun ngungkulanana?
  3. Dina widang kabudayaan, kumaha PP ngigelan kamekaran wacana kabudayaan Sunda, naon waé sumbangsihna kana kabudayaan Sunda? Sabaraha urang ahli kabudayaan Sunda nu dipiboga ku PP tur kumaha réputasina di tengah masarakat Sunda? Jeung deuih pikeun ngilu aub kamekaran budaya di luar Sunda, naha PP geus nyangking pakar kabudayaan étnik séjén di Indonesia katut pakar internasional, copélna nagara-nagara nu loba dicicingan ku warga asal Jawa Barat?
  4. Dina widang ékonomi, sabaraha lembaga ekonomi nu dipimilik jeung kumaha brukbrakna sistem ngokolakeunana? Sabaraha pakar ékonomi nu dipiboga tur naon waé sumbangsihna pikeun laju kamekaran ékonomi PP?
  5. Dina widang pulitik, naon sumbangsih PP enggoning nyumponan aspirasi pulitik warga Jawa Barat nu ngadama-dama ayana wawakil Sunda di panggung nasional? Sabaraha pakar pulitik jeung pulitisi jontrot nu dipimilik tur kauji pikeun jadi kokojo nu sanggup ngaréngkolkeun kawijakan pulitik PP?
  6. Dina widang hukum, naon wae torobosan pakar hukum Pasundan pikeun nembus ajegna hukum di Indonesia anu kateug? Nepi ka sakumaha efektifna lembaga bantuan hukum Pasundan enggoning ngabéla hak-hak hukum masarakat Sunda nu katideresa ku kawijakan sapihak?
  7. Dina widang kautamaan istri, sabaraha gedena PP mere lolongkrang pikeun kader-kader wanoja Sunda sangkan makalangan enggoning ngokolakeun organisasi tur ngawawarkeun arinyana di luar PP?
  8. Dina widang kapamudaan, sabaraha gede lolongkrang pikeun ngamalirkeun potensi tanaga-tanaga ngora nu ngemu bakat, sumanget, tur ngagalura pikeun babakti.
  9. Dina widang media, nepi ka mana tarékah PP sangkan bisa mulangkeun deui nyongcolangna Sipatahoenan? Sabaraha jenis média internal nu bisa dijalankeun tur ngawadahan aspirasi jeung aktivitas pangurus jeung anggota di unggal tingkatan? Ku jalan ngasupkeun data tina sakabéh perkara, baris nonggérak kalawan écés, kakuatan PP di jero jeung luar organisasi, di tingkat lokal, nasional, jeung internasional.

Ku kaparigelan ngitung kakuatan éta pisan PP baris sayaga miang ka “médan perang” iraha waé. Eta kakuatan nu baris jadi bahan utama enggoning ngawewegan solidaritas PP ka jero jeung ngélébétkeun PP ka luar.

Ti Dunya Maya keur Sastra Sunda

Cuang Lawung FBSSAPTU (13/4/2013)  isuk-isuk. Mang Atam, lalaki tengah tuwuh tatanggahan di buruan Bumi Ageung. Gegerenceman, terus ngagidig ka lebah nu keur ngariung, Godi Suwarna saparakanca, nu keur nyaraneut kopi.

“Insyaallah, moal hujan,” pokna bari menerkeun kopéah. Sorana bangun nu keur ngabeberah sorangan.  Langit can katémbong béngras, masih semu aleum. Jeung deui, dina poé-poé saméméhna, di Pagerageung teu weléh hujan.

Inyana téh kapapancénan ku nu boga tempat, H. Taufik Faturohman, budayawan nu boga Padépokan Bumi Ageung, di Kampung Balananjeur, Rt 02 RW 07, Désa Pagersari, Kecamatan Pagerageung, Kabupatén Tasikmalaya, pikeun ngungkulan hujan, sangkan teu turun di éta tempat nu rék dipaké acara “Cuang Lawung di Pagerageung”. Acara nu diayakeun ku grup Fiksimini Basa Sunda (FBS).

Ngaranna gé tarékah, Mang Atam geus minangsaraya ka saurang  tukang nyarang nu cenah geus kawentar di sakuliah Pagerageung. “Tos lunas dibayar da,” pokna. Saréréa nu aya di dinya, milu ngadu’a. Anging Gusti Nu Maha Ngersakeun, nu bisa nurunkeun hujan atawa nyelangkeun halodo panjang.

Berekah. Beuki beurang langit beuki béngras, najan teu mentrang pisan, panonpoé maturan nu keur tatahar. Panggung di sisieun kolam renang dipapantes dipapaés ku Godi Suwarna, Hadi AKS, jeung Toni Lesmana. Tiluanana gé pangarang Sunda, ti tilu entragan nu béda, nu geus réa ngalahirkeun karya petingan tur rimbil ku penghargaan. Poé éta mah bareng ngésang angkat jungjung. Hadi nérékél masangkeun spanduk pamapag nu rék daratang, terus ngamparkeun terpal pikeun tempat diuk hareupeun panggung. Godi jeung Toni nyieun damar séwu, katut masangkeun papas kaén bodas jeung nu lianna.

Bada lohor, panggung geus kaciri sieup. Kaén bodas ngembat ka puseur panggung. Damar séwu tinggal nyeungeut, ngajajar di sabudeureun pakalangan nu geus diamparan kalakay. Kacipta mun seug hujan, damar téh tangtu moal aya gunana.

Teu lila jul-jol daratang, rombongan fikminer (sesebutan keur nu sok narulis fiksimini) ti deukeutna ti jauhna. Nu ti Ciamis, Banjar, Pangandaran, Tasikmalaya, Garut, Bandung, Sérang, Pandéglang, Cianjur, Purwakarta, Lampung, Yogyakarta, Kuningan, jeung daérah lianna.

Nu biasa tepung di dunya maya, aléwoh ngobrol, silih jempolan jeung koméntaran dina  grup fésbuk Fiksimini Basa Sunda, kiwari bisa tepung lawung, suasana jadi kacida hégarna.

Éndah Dinda Jenura jeung Méila, fikminer nu kapeto jadi panata calagara, cuhcih nempatkeun para kafilah di kamar nu geus disadiakeun. Jajaran kamar di Padepokan Bumi Ageung nu bisa nampung 130 urang téh méh pinuh ku para fikminer nu daratang. Sababaraha urang nu tas nyorang lalampahan panjang, laju ancrub ka pangojayan, sukan-sukan di kolam renang.

Bada Asar, di buruan Bumi Ageung, lumangsung syuting acara “Borangan”. Éta téh istilah Sunda pikeun stand up comedy, nyaéta ngabodor sorangan, disingget jadi Borangan. Acara Borangan nu disiarkeun ku IMTV Bandung ieu téh diasuh ku Taufik Faturohman (enya, inyana mah lian ti pangarang Sunda, budayawan, ogé kapan kawentar jadi tukang sulap jeung komika –palaku stand up comedy). Prung syuting, para fikminer dihibur ku para komika Borangan. Aya Ceu Popon, Junjun (Mr. Jun), Mang Ganjar, Rudi Gado, jeung nu lianna.

Fiksimini atawa fikmin téh wanda anyar dina pajemuhan sastra Sunda. Mimiti dipikawanoh sanggeus Nazarudin Azhar ngadegkeun grup Fiksimini Basa Sunda dina fésbuk (facebook), 16 Séptémber 2011. Ieu grup téh diasuh ku lima urang kuncén atawa admin, nyaéta Godi Suwarna, Nazarudin Azhar, Dadan Sutisna, Hadi AKS, jeung Ki Hasan. Geus sababaraha kali grup FBS ngayakeun acara. Antarana di Unpad, 2 Novémber 2011, kungsi digelar acara diskusi ngeunaan fikmin jeung paméran fikmin grafis. Lian ti éta, geus sababaraha kali grup FBS milu aub dina sababaraha acara sastra, pikeun ngawanohkeun fiksimini ka masarakat, jeung ngayakeun sababaraha kali saémbara nulis fikmin pikeun kanca FBS.

Réngsé solat Isya, acara utama “Cuang Lawung di Pagerageung” dimimitian.  Panggung baranang ku damar séwu, lampu nyorot ka puseurna.

Peuting ieu, dibéwarakeun para pinunjul saémbara ngarang fiksimini bacaeun rumaja nu diayakeun ku FBS. Dipidangkeun maké multimedia garapan Dadan Sutisna. Nu kaselir jadi pinunjul nyaéta Rémi Purwaka Sadkar, Asép Komara, Rudi Riadi, Rameli Agam, jeung Toni Lesmana nu dilélér pinunjul utama. Para pinunjul meunang hadiah masing-masing Rp 500 rébu, sedengkeun pinunjul utama, sajuta rupia.  Hadiahna pangdeudeul ti H. Koko Djatmiko, urang Jakarta nu mikanyaah basa jeung sastra Sunda.
Saméméh ngabéwarakeun para pinunjul, digelar rupaning karancagé para fikminer. Hadi AKS ngamusikalisasi puisi jeung fikmin, dipirig ku nayaga dadakan. Ti dinya disambung ku pintonan maca fikmin ti sababaraha urang fikminer. Irawan Babéh Lova, Tiktik Rusyani, Iwan Hanjuang, Rohéndi Pandéglang, Irman N. Dimyati, Indah Éka Lestari, Darpan Ariawinangun,  Sarjang,  Wawan S. Husin, Ahmad Fawzi Imron jeung Déwi Ratna Damayanti.

Minangka pangbagéa, Taufik Faturohman ti Bumi Ageung jeung Nazarudin Azhar ti FBS, papada medar kasugema, réhna ieu acara bisa lumangsung kalayan lancar, boh ditilik tina jumlah fikminer nu hadir, boh tina hal séjén, da berekah kapan, najan usum hujan gé, peuting éta mah langit némbongkeun kaéndahan béntangna.

“Ngalangkungan acara sapertos kieu, urang sadayana tiasa némbongkeun kadaria geusan ngahirup-huripkeun basa jeung sastra Sunda. Akang mah gedé haté, fiksimini téh bisa diaku ku saréréa minangka bagian tina kabeungharan sastra Sunda,” ceuk Taufik Faturohman.

Réngsé acara utama, disambung ku hiburan dangdut ti Grup Sudong. Parat méh janari leutik.

Isukna, acara ngariung, diluluguan ku admin. Nyawalakeun sababaraha perkara ngeunaan fiksimini. Boh kalumangsungan grup jeung ramatloka fikminsunda.com, ogé ngeunaan tarékah sangkan fikmin bisa asup kana kurikeuleum Basa Sunda, tur engkéna fikmin bisa diajarkeun di sakola. Hal ieu meunang pangbagéa ti para fikminer nu sapopoéna ngawulang di sakola, katut dosén di paguron luhur.

Minggu (15/4) beurang, para fikminer marulang. Acara geus lekasan, najan masih nyésakeun garapeun pikeun admin, nyaéta syuting pikeun acara “Sura Seuri Soré”, acara talkshow nu dijejeran ku Taufik Faturohman, tayangkeuneun di IMTV. Jejerna ngeunaan fiksimini Basa Sunda, tur nu jadi nara sumber nyaéta Nazarudin Azhar jeung Hadi AKS.
Bumi Ageung suwung deui, sabada diaranjangan ku saratus urang leuwih fikminer. Panggung geus dibongkar, buruan parongpong. Beurang nu mentrang ku panas panonpoé, kaburitnakeun terus lantis ku girimis. Hujan maseuhan deui Kampung Balananjeur, sanggeus sakabéh acara lekasan. (Naz)***

Di Tasik Aya Jalan Mang Koko Koswara

koko koswaraSAHA nu bireuk ka jenengan Mang Koko Koswara (lahir di Indihiang, Tasikmalaya, 10 April 1917 – pupus di Bandung, 4 Oktober 1985 dina yuswa 68 tahun). Lagu-laguna éstuning geus jadi banda urang Sunda. Ratusan lagu nu kawentarna, tepi ka danget ieu dipikaresep kénéh. Boh nu dina wanda kacapian, rampak sekar, gending karesmén, atawa lagu-lagu humor nu sok dibawakeun ku grup Kanca Indihiang.

Meujeuhna mun ieu seniman terah Indihiang, Kota Tasikmalaya, téh diabadikeun jenenganana jadi ngaran jalan.

Nya, sabada sababaraha kali diusulkeun, upamana dina acara-acara kasenian nu disalagarakeun di kota Tasik (antarana dina pagelaran “Miang Ti Indihiang, Nanjung di Kota Bandung” nu midangkeun lagu-lagu Mang Koko tur dialpukahan ku Langari gawebareng jeung Dinas Pendidikan Kota Tasik, 2003), atawa dina sababaraha tulisan nu dimuat dina koran lokal Priangan (ayeuna Kabar Priangan), dina sidang paripurna DPRD Kota Tasik, poé Jumaah, 14 Oktober 2005 ditetepkeun, ngaran jalan antara Sindangpalay tepi ka pertelon Jalan Létnan Harun, Indihiang Tasikmalaya, jadi jalan Mang Koko Koswara.

Lian ti Mang Koko, tokoh masarakat séjénna nu ditetepkeun pikeun ngaran jalan dina éta sidang paripurna, nyaéta Létjén Mashudi ti kalangan TNI, nu diabadikeun pikeun ngaran jalan antara Cisumur – Garuda, Kawalu. Sedengkeun tokoh agama ti Bojong Pasantrén, KH. Muhammad Suja’i, diabadikeun pikeun ngaran jalan antara pertelon Ampéra – Jl. H. Ma’mun Sodik.

Jl. H. Ma’mun Sodik gé ngaran jalan anyar pikeun ngahormat ieu ulama nu ditetepkeun pikeun ngaran jalan antara Jl. Bojong – Gunung Balabar – Perum Bumi Resik Panglayungan.

Tokoh séjénna nyaéta nu nyebarkeun agama Islam di Tasik, KH. Syeh Abdul Muhyi, dijieun ngaran jalan antara sasak Cicariang, Kawalu, tepi ka wates kota Sukaraja. Sedengkeun tokoh agama ti Pasantren Miftahul Huda, Manonjaya, KH. Khoér Afandi, diabadikeun pikeun ngaran jalan  ti simpangan Condong, Cibeureum, tepi ka wates kota Manonjaya.

Jendral A.H. Nasution, pahlawan nu ngaresmikeun ngadegna divisi Siliwangi di Tasik, diabadikeun pikeun jalan antara wates Singaparna tepi ka Simpang Lima Linggajaya, nu tepung jeung Jl. Ir. H. Juanda (By-Pass). Terus jalan nu nyambungkeun antara sasak deukeut SMA 2 Tasik tepi ka wates Cisayong, nu saméméhna Jl. Raya Indihiang, dirobah jadi Jl. Létjén Ibrahim Adjie. Sedengkeun ti jalan éta nu brasna ka sasak Ciloséh Jl. Létnan Harun, ditetepkeun jadi Jl. Brigjén Wasita Kusumah.***

- tulisan tina dokumentasi Langari 

Ringkang Pamiangan, Méstakeun Rasa Kasundaan

Welas-Wulanari
Welas Wulanari nari “Topeng Koncaran” dina acara Ringkang Pamiangan Studio Titikdua Ciamis, Jumaah (29/3) –foto Erwin R. Widiagiri.*

 

Sésa cihujan tinggaréndang dina dangdaunan jeung jujukutan sisieun erél karéta di Statsion Ciamis. Ti sore mula, Jumaah (29/3), hujan ngageyer maseuhan tatar Galuh jeung sabudeureunana. Dur magrib hujan dipungkas girimis ipis. Pras pris maseuhan buruan imah budayawan Godi Suwarna, nu ukur sababaraha méter anggangna ti statsion, nu geus raang ku cahaya damar séwu, di sabudeureun panggung nu geus ngajengléng luhureun balong.
Bada magrib jul-jol para tatamu, nu geus saraged dikomprang dikamprét hideung, dipapaés iket atawa totopong. Jul-jol ti jauhna ti deukeutna. Carunduk ngariung dipapag ku sora beluk nu ngalanglaung tina bangbedas sora, seja nyorang malem Saptu babarengan, nyakséni rupaning pidangan kasenian.

“Ringkang Pamiangan”, kitu jejer acara harita. Digelar ku Godi Suwarna dina raraga sukuran ngadegna wangunan Studio Titikdua, sanggar tari nu dipingpin tur diasuh ku istrina, Néng Peking (Rahmayati Nilakusumah).

“Alhamdulillah, cita-cita ti kapungkur sim uing katut pun bojo hoyong gaduh sanggar tempat barudak latihan tari, nembé ayeuna tinekanan,” ceuk Godi Suwarna, basa ditepungan ku Kabar Priangan, méméh acara lumangsung. “Kaleresan deuih, kanggo acara wengi ieu, kénging pangdeudeul waragad ti sadérék Budi Kurnia, Ketua KNPI Ciamis,” cenah.

Para tatamu geus sarila di tempat nu disayagikeun ku panata calagara. Damar séwu baranang nyaangan kaayaan nu karasa artistik sakaligus mistis.  Sababaraha kaén bodas ngembat luhureun buruan, nyambung tina palapon imah kana tangkal peuteuy sisi balong nu jadi tiung panggung. Lebah dinya, sababaraha lantéra tinggarantung.

Tabuh dalapan peuting, tamu lianna sumping. Lain tamu samanéa, ieu mah datang ti jauhna. Ti Purwakarta, nyaéta Bupati Purwakarta, H. Dedi Mulyadi katut rombongan. Sabada tatamu rinéh, acara laju dimimitian, ku tarian ti anggota Studio Titikdua, ditéma ku Godi Suwarna nu macakeun sajak “Jagat Alit”

Réngsé acara bubuka, diteruskeun ku pintonan “Tari Kembang Buruan” jeung “Tari Tuturut Buntut”. Kéwes pisan, barudak anggota Studio Titikdua gerak dina komposisi tari nu diciptakeun ku Néng Peking. Adumanis antara gerak nu dikunjal tina kaulinan tradisional barudak jeung tina tari balét. Réngsé éta, ditéma ku tari “Topéng Koncaran”. Jigana ieu béntangna, Welas Wulanari, murid kelas V SDN Ciamis 4 ieu, kalayan sampurna medar ketak dina gerak tari nu luwes dina dua karakter nu béda, saacan jeung saenggeus maké topéngna. Éstu matak kataji.

Acara terus lumangsung. Langit mimiti cul-cel ku béntang. Pidangan saterusna ti Yaya Gandakoncara (55), ti Kawali. Inyana midangkeun “Dangding Jaladri”, sajak Godi Suwarna nu dihaleuangkeun tur dipirig jentréng kacapi dina laras saléndro. Sora Kang Yaya ngalanglaung ngahaleuang, nu lalajo beuki réa nu datang, réa nu kudu nangtung sisieun erél da teu kabagéan tempat.

Rengsé éta, H. Dédi Mulyadi, Bupati Purwakarta naék ka panggung. Inyana nepikeun orasi budaya direumbeuy ku dua lagu musikalisasi puisi beunangna. Dina orasina, Dédi Mulyadi nandeskeun pentingna miara jeung ngamekarkeun seni jeung budaya Sunda. Malah inyana tatag pisan nyarita, cenah mun aya jalma nu ku rasa fanatikna kana agama terus nyaram kana budaya titinggal karuhun, mangka, “Sim Kuring wani nyarita, urang Sunda bisa ka surga jeung budayana,” cenah, disambut ku nu kaleprok.

Dédi terus nyaritakeun pentingna budaya dina pangwangunan. Dédi ngritik kasalahan birokrat nu “resep ngamumulé” budaya Sunda. “Ngamumulé budaya mah jiga ngingu maung di kebon binatang. Kuduna budaya jadi napas pangwangunan,” pokna.
Dina orasina, Dédi gé midangkeun musikalisasi puisi beunangna. Dihaleuangkeun ku Echa, dipirig ku Iman Ulé (hitar), Asép Aung (suling), jeung Riki (biola). Dua puisi nu judulna “Pangumbaraan” jeung “Ngahiang” nu ditulis ku Dédi leubeut ku palasipah, katut geter kahariwang leungitna dangiang kasundaan. Cenah dina sajak “Ngahiang” nu ditulis ku Dédi sabot ngalanglang ka Leuweung Sancang:

Ragég anjing di buruan
muru tulang panyésaan
Daging dibawa ku deungeun
mépéndé ku totopéngan

“Lamun tunggul teu sirungan, tangkal teu akaran, peuting leungiteun impian, éta hartina kiamat keur urang Sunda,” cenah.

Kanyaah ieu Bupati Purwakarta kana kasundaan, mémang geus teu bisa diragukeun. Inyana kalayan nyata nyebut nyaah téh jeung prakna. Di lingkungan gawéna di Pémkab Purwakarta, Dédi Mulyadi nu mimiti kapilih jadi bupati dina umur 37 taun ieu, terus ngipuk rasa reueus balaréa kana seni jeung budaya Sunda. Malah pikeun ngajembaran pangaweruh ngeunaan budaya, inyana ngaleungitkeun apél PNS di lingkungan gawéna tur diganti ku kuliah budaya nu ngadatngkeun para inohong budayawan ti sakuliah Indonésia.
Pikeun lingkungan atikan, ti mimiti barudak SD tepi ka SMA, saban poé Rebo wajib maké pakéan adat Sunda jeung nyarita ku Basa Sunda. Pikeun program ieu inyana nyubsidi tiap murid pikeun meuli pakéan, Rp 75 rébu.

Réngsé Dédi Mulyadi nepikeun orasina, acara dipungkas ku dua acara maca sajak. Nu makalangan dina ieu kasempetan nyaéta Didon Nurdani jeung Jaro Xyus ti Ciamis, ogé Ayi Kurnia Iskandar, seniman ti Purwakarta. Tiluanana maraca sajak dipirig ku tabeuh karinding.

Minangka pamungkas acara, sohibulbét Godi Suwarna maca sajak “Blues Kéré Lauk”. Ieu mah béda deui gayana. Sajakna dihaleuangkeun, dipirig ku Ghalia Godi Suwarna, nu nguyab senar gitar dina wirahma blues nu leket pisan. Improvisasi nu ngalahirkeun adumanis sajak jeung musik blues nu tegep. Nu lalajo keprok, suit, sugema.

Acara Ringkang Pamiangan réngsé kurang leuwih tabuh sawelas peuting. (Nazhar)***

Karep Nulis

writingCENAH nulis téh bangga. Teu ngabibisani, najan dina pikiran mah geus teu kawadahan bahan nu rék ditulis téh, tapi barang trét rék ditulis, dadak sakala ngabigeu. Padahal ti anggalna dina pikiran téh geus pinuh, teu katadah. Tong kuméok méméh dipacok, salila can ngaréngkol ulah waka serah bongkokan.

Urang lelempeng deui panginditanana, boa can ajeg pisan niatna. Lantaran dihenteu-henteu ogé, karep nulis téh gumantung kana niat atawa motivasina.

Nya salila niatna hadé mah kudu dikeureuyeuh. Najan can ngaréngkol dina wangun tulisan ogé, dipantengkeun dina lelembutan, yén nulis téh copélna baris ngipuk urang jadi tukang mikir. Sajeroning rék nulis tangtuna urang baris mikiran naon jejerna, kumaha rarancangna, lebah mana nu baris jadi panyindekelan eusina. Ku jalan kitu pisan, nu ngarana imajinasi, pola pikir, tur kaparigelan baris ngaronjat.

Lamun téa mah urang geus bisa ngahasilkeun tulisan, lalaunan baris ngawangun tangtungan ngeunaan nu nulisna. Jadi ciri mandiri nu dipikawanoh ku balaréa. Upamana waé rék jadi kolumnis, panyajak, carponis, novelis, atawa rék manco nulis perkara nu museur kana hiji pasualan, saperti téknologi, kulinér, budaya, jeung nu lian-lian. Beuki museur eusi tulisanana, baris leuwih dipikawanoh ku balaréa nu maraca.

Nulis teu sirikna bisa ngalahirkeun arsiték. Teu rék kitu kumaha, tangtu baris ditataharkeun rangkayna sangkan mincut nu maca. Beuki remen nulis, kamahéran ngararancang rangkay tulisan baris leuwih asak. Imajinasi baris leuwih motah.

Ku jalan nulis ogé, apan urang bisa nepikeun perkara nu teu bisa diungkarakeun atawa dilisankeun. Contona waé nulis surat cinta. Kaasup nulis opini, rumahuh, malah muji ogé apan sakapeung mah sok kagok mun diucapkeun téh. Kalan-kalan mah leuwih genah ditepikeun dina wangun tulisan. Kapunjulanana nulis téh di antarana méré lolongkrang pikeun mikir, nimbang-nimbang nepi ka asak sagala perkara nu rék ditepikeun téa.

Dina mangsana, lamun geus jadi kacapangan, apan ku jalan nulis téh bisa jadi pangupa jiwa.

Neuleuman Sajak Neuleuman Kecap

image

WANCI haneut moyan, ngawawaas bulan dina sajak. Teuteup ka langit, ka bulan nu keur imut. Nini Antéh jongjon muter-muter kincir. Éta kekecapan, di antarana, diungkarakeun ku siswa SD basa lumangsung Apresiasi Bahasa, Sastra, Seni Daerah tingkat Kota Tasikmalaya, Salasa (2/4/2013) di buruan SMA Pasundan 2. Tong boro budak, nu geus sawawa ogé geus arang kareungeu maké kekecapan nu ditulis dina sababaraha sajak nu dipasanggirikeun — di antarana waé — Sunda (Eddy D. Iskandar), Bulan (Rachmat M. Sas Karana), jeung Panuhun Kuring (Ano Karsana).

Tétéla, sajak bisa jadi cukang pikeun ngawanohkeun basa ka barudak kalawan leuwih teleb. Lain waé ngan saukur diucapkeun, tapi nyusul tepus harti jeung nyurahanana. Sajak, salah sahiji rinéka basa nu hirup tur obyag nepi ka kiwari. Lantaran, dirumat tur diaprésiasi ku nu maracana. Malah sok dihajatkeun ku jalan dipasanggirikeun sagala.

“Pikagumbiraeun, kaparigelan patandang maca sajak méh walatra. Sed sautak-saeutik waé,” kitu cek Kordinator Pasanggiri Widang Sajak, Eri Kustiaman.

Sajak keur Barudak

sajak sundaGEUS réa pedaran ngeunaan pentingna sastra pikeun barudak. Di sakola-sakola kapan aya réngkolna pangajaran sastra téh, nu mangpaatna cenah kapan kahiji, mangpaat éstétis. Barudak diwanohkeun kana kaéndahan ungkara basa dina sastra. Terus kaduana, mangpaat atikan. Pikeun ngatik barudak sangkan leuwih wanoh kana basa, sangkan leuwih parigel migunakeun basa dina kahirupanana. Mangpaat séjénna, sangkan barudak bisa mibanda kepekaan batin jeung kepekaan sosial.  Da kapan karya sastra téh gambaran ngeunaan kahirupan. Ku cara maca karya sastra, barudak diajak ancrub daya imajinasina kana kahirupan nu diasongkeun dina éta karya. Terus deuih, mangpaat sastra téh pikeun nambah pangaweruh atawa wawasan. Jeung nu kalimana, numutkeun para ahli, maca karya sastra téh gedé mangpaatna pikeun numuwuhkeun jeung ngamekarkeun ajén kejiwaan jeung kapribadian.

Peun heula. Guaran ngeunaan mangpaat sastra nu leuwih lega, bisa dina obrolan nu séjén deui. Tulisan ieu mah ukur hayang nyindekel kana: karya sastra nu kumaha nu cocog pikeun bacaeun barudak. Pikeun nu munggaran ieu, urang hususkeun kana karya sajak.

Kungsi aya kajadian kieu yeuh. Dina hiji pasanggiri maca sajak tahap SD nu diayakeun ku Dinas Pendidikan, sajak nu disadiakeun ku panata calagara diprotés ku guru pangaping. Alesanana mah eusi sajakna teu cocog keur barudak. Pedah éta, aya kalimah: diperkosa di pematang sawah, asana. Sajakna nyaritakeun katelengesan penjajah Walanda, trepi ka merkosa sagala. Atuh puguh wé, kecap “perkosa” éta téh réa nu masualkeun. Da kapan ari maca sajak mah (malah maca naon waé gé) brasna kana uteuk, kana pikiran, kana imajinasi.  Contona kieu: Di Garut kamari aya tabrakan beus! Cik, naon nu kabayang ku urang sanggeus maca éta kalimah? Tangtu wé, adegan imajinatif beus keur diadu. Malah bisa leuwih lega ambahanana, ngabayangkeun sorana, korban tina éta kajadian, naon sababna, jeung sajabana. Jadi kalimah nu ngan sakitu téh bisa jadi lega ngaweuhan dina pikiran urang.

Tah, kumaha mun nu dibacana kieu: memperkosa gadis di pematang sawah…?

Jelas pisan, sajak jiga kitu mah teu cocog pikeun bacaeun barudak SD. Jadi, urang kudu bener-bener asak pamilih, mana sajak nu cocog jeung mana nu kurang cocog pikeun bacaeun barudak SD, atawa pikeun rumaja satingkat SMP, SMA.

Di handap ieu, Sundaloka ngahaja milihan sababaraha sajak Sunda nu merenah pikeun bacaeun barudak SD, SMP jeung SMA. Bisi wé ieu mah, aya nu butuh pikeun bahan pangajaran (lian ti nu nyampak dina buku pangajaran), atawa keur nu rék ngayakeun pasanggiri maca sajak pikeun barudak sakola.  Ieu mah sakadar conto. Réa pisan sajak-sajak Sunda nu alus pikeun bacaeun barudak sakola téh. Bisa milihan sorangan hayang leuwih réa mah, antarana tina buku-buku sajak nu geus medal, atawa nu kungsi dimuat dina media citak.

Nyanggakeun:

PIKEUN SD

Sayudi

KATUMBIRI

Katumbiri ngukir langit
Titihan putri panyari
Turun mandi leuwi hiang
Pangbibita urang huma
Pangbébénjo budak angon
Sampeureun mangsa rék datang.

Katumbiri panyilo diri
Sari langit taya bukti
Ngaraja katuna daya
Pananggeuhan dunya maya.

Katumbiri dina ati
Tuduh luhung kasakti diri
Mangsa samagaha rasa
Pangruatna: mangka tanggah kana méga
Jeung tungkul ka tapak suku.

————–

Nazarudin Azhar

BAPA

bapa nu nikreuh
waruga mangsa nu dipikanyaah
ku jalan satapak nu mindeng
katémbong henteu soméah

merlukeun reureuh dina kaca hiji buku
lebah kalimah nu merenahkeun
hiji kulawarga di puseur imah carita
lalakon basajan ngeunaan cinta

satemenna bapa aya kénéh di dinya
dina buku nu jilidna dipapaés
tilu gambar, ti tilu anakna

sedeng hariringna nu biasa
ngaweuhan ti jalan nu geus jadi milikna

2010

————-

Etti RS

HIJI PEUTING

Sarébu léngkah muru pangauban
‘na hiji peuting meredong

Sarébu rénghap katunda dina implengan
‘na biwir jungkrang nu bedang

Mangrébu angen-angen nganteng
dina benang-benang peteng

Dina hiji peuting nu jempling
muga béntang-béntang nebarkeun kawening

———-

Sarabunis Mubarok

NYANGU

hawu taneuh hawu batu
raga buhun nu kahuru
ruhayna ruhay kanyaah
panasna panas kaasih

suluh jeung seuneu
nyungkun zaman sadurukan
haseupna ngelun ka langit
ngiangkeun saban kasakit

saban nepi wates wanci
songsong awi meper pati
ngasor-ngasor suluh ajén
ngaléntab-léntab papastén

karih béas sééng nyéngsréng
wiridna gerendeng ahéng
ngabebela seuneu cinta
papuntang-puntang jeung dunga

saaseupan sangu asak
migunung kabungah ruhak
areng jeung lebu melak tatu
di jugjugan nu katuju

bé¬as tutu miraga sangu
diakeul na dulang batin
na weureu seubeuh kahirupan
nu dihihidan kajembaran

2010.

————

PIKEUN SMP

Dadan Sutisna

SASEMPLÉK POTRÉT JÉPÉG*

Ngaraas anjeun dina titik-titik piksel
Bet ngucuprak haté kuring laju tilem ka juru-juru monitor
Panon anjeun ngababantar lebah zoom 100 persén
Ngatumbiri rénghap kuring tina bodas kana kayas
Ngarandegkeun kiceup dina gradién harepan

Ngusap biwir anjeun dina jorélat-jorélat kursor
Bet sumeblak pikir kuring laju eunteup dina kalangkangna hégak
Riab-riab buuk anjeun ngamuara kana riak résolusi
Ngawirahma ratug kuring kabeulit rindat ngabigeu
Ngantengkeun kakeyeng sina tibra sarénghapan

Ramo kumejot dina tuktekna sora mouse
Kursor nerejel hayang nuyun jirim anjeun
Sina ngampih ditulakan
Dina folder kuring sorangan

Ngahariring jirim anjeun ‘na anyaman warna-warni
Ngabangingik ratug kuring ‘na saban ketrukna keyboard

Basa guntreng geus lekasan
Potrét jépég nyangsaya tinggal sasemplék

* Tina JPEG, ngaran format file gambar dina data digital

————

Godi Suwarna

LANGLAYANGAN PEUTING

ngebelasat ngawang-ngawang
leuwih gancang batan jangjang angeng-angen
kumalayang nilar nagri nu keur sumedeng harénghéng
nu keur sahéng parebut méméhong sééng

indungpeuting ngubur rupaning karungsing
laun-laun banjarkarang kasawang munggah baranang
genclang pirang-pirang lampu, dilak béntang di langit wening
awor dina pucuk kalbu nu kapireng humariring

lalaunan lamunan marangkak deui
tina imut pramugari, tina saab anggur beureum dina gelas
gumerendeng wangkongan demi wangkongan
pada-pada maut simpé nu ngahinis dina haté

ditataran beuki anggang ti nagri nu nyamagaha
pangharepan ngudag bulan nu ngolébat kebat ka jabaning langit
basa mata mencrong peta nu digelar palebah layar monitor
tuluy anteng ngararampa béh mana dumukna raga

kota demi kota, nagara demi nagara
bet katémbong ukur titik-titik demit, ukur urat-arét warna
ieu diri manahoréng leuwih lembut manan lebu
keur ngarayap mapay gurat nu ngembat biheung ka mana

(awang-awang, 2011)

————–

Nita Widiati Éfsa

CIKOLÉ

Ukur sakecap nu nétélakeun waruga anjeun
Leuweung pineus ngarurub diri ngarurub rasa
Dina ciprukna ciibun. Kareueus neuleu gurawésna jungkrang
Asa jadi panglipur dina ngojayan jerona kahirupan
Nu teuing di mana dasarna. Rembetna saliara
Akar-akar harepan nu mubus rumakep nerus bumi
Jadi pucuk asih nu jujul ngarawél langit nu mabra

Ukur sakecap nu disanggi jero ati
Barisan tutuwuhan rempeg jadi bébénténg ngamalirna pikir
Linduhna daun-daun jadi teuteupan katengtrem
Asa hayang lumampah bari nebas rungkun kahariwang
Kahareneg nu diungkarakeun panas matapoé
Yén dirina teu laluasa ngamalirkeun haneutna asih
Ka lemah-lemah. Ka pasir-pasir nu nyangkéré

Ukur sakecap dipatri sela jariji poé
Éndah—dua ramo pacorok silih konci
Pasir jeung lengkob. Mata jeung teuteupna
Jutaan wirahma jadi lagu tineung para kalakay

2011

————-

Toni Lesmana

SERAT GUMIWANG

réa aksara hayang ngempur dina kecap
mabra kana kalimah
lir lalampahan anu teu weléh maluruh cahaya

nyajak deui, sabada cinta nuduhkeun jalan anyar
sabada kasimpé reureuh luhureun ranjang
hégar deui, rohang-rohang jeung pakarangan

aya soca anjeun ayeuna mah, Gumiwang,
anu mukakeun lawang bulan jeung panonpoé
ngahurungkeun rébuan cika-cika

dina dada
réa aksara anu imut
tuluy ngempur jadi sajak

2010

—————

PIKEUN SMA

Soni Farid Maulana

KURING

gamparan ieu kuring, rumaos atah anjang.
sanés jolédar, namung isin ngadeuheus ka salira
rumaos tuna pangarti nyorang laut kahirupan
nu séah ombakna ting jelegur di basisir.

gamparan ieu kuring, nu kapoékan taya damar
pikeun mulang. Duh isin kacida diangken linggih
ku salira, ulubiung na ieu pasamoan. Isin,
sab kurungan katut tangtungan kuring lamokot

ku leutak kahirupan. Gamparan nu welas asih,
kuring teu wasa paadu soca sareng salira dina ieu
pasamoan. Rumaos ukur cimata nu lancar cumarita,

sanggeus umur ngalakay, tur waruga taya kendatna
dideres pajaratan. (Luhureun munara, bulan tumanggal
bidadari ting kalayang di mumunggang langit alif)

2005

————

Hadi AKS

CATETAN FLAMBOYAN

Dina liliuh flamboyan basa girimis ngepris
di pasir pineus, manuk-manuk simpé teu nyoara.
Anjeun tatanggahan ka langit, néangan ungkara
jeung ayat-ayat dina cihujan. Sugan aya jawaban
naon pangna urang kasarung tengahing lamping.
Tapi pulas langit angger kitu, teu cangra tan cahaya
ngan hujan terus muragkeun kalakay, lir supata
ngeprul keur turun kana embun-embunan.

Bongan asih geus ditebar saurat jalan
jeung rasa nu diipuk dina ancak halimun,
urang beuki jauh ninggalkeun buruan jeung imah
nu simpé. Di dieu moal aya jangjang katumbiri
jeung barudak urang nu jigrah ngarucu hujan.
Maranéhna geus lila narutupkeun jandéla
tuluy muguran lir flamboyan nu ayeuna marurag
kana lahunan.

Lebah dieu nancebna tutugan rasa, handapeun tangkal
nu juuh ku cikaracak, sanggeus urang ngahégak
nécé umpakan waktu lukutan. Anjeun tungkul ngungun,
nyusut cimata néangan tanda lebah taneuh nu hideung.
Sugan aya kekecapan nu netélakeun, naon pangna urang
sasab ka lamping ahéng. Tapi bumi angger kitu,
taya isarah nu kabaca na heumeus beueus. Ngan urang
beuki yakin, di dieu horéng kandegna léngkah,
kapegat jungkrang lungkawing.

————–

Godi Suwarna

DAYEUH NU KUNGSI RUNTAG

kabébasan nu kumaha deui nu ku anjeun dipigandrung
sanggeus bénténg nu ngelewung kari sésémplékanana
geus jadi gambar arahéng nu ngemplongkeun panto kalbu
dayeuh ngeblak pikeun ringkang, pikeun rupaning kahayang
kapan manuk dina dahan tangkal lindén terus ngelak saban isuk
teu hariwang ku aweuhan sora bedil ti benua nu keur génjlong
humariring sabada cakar sajarah ngacak-ngacak banjarkarang

gedong-gedong tingjungkiring nu marengan ringkang anjeun
diwewegan ku pilar-pilar tohaga nanggeuy sakur kayakinan
garis-garis nu tareges na dingdingna kawas gurat hirup anjeun
panto katut jandélana maruka ka jomantara, legana ambaheun haté
sanggeus jerit, kerak getih jeung cimata dikubur dina pondasi
nyuburkeun amparan taman jeung kayon di leuweung dayeuh
ngagelarkeun musim panas keur sapasang jangjang anjeun

jalan but-bat, tegalan nu upluk-aplak marakbak ka awang-awang
huma gandum pulas layung humaleuang ngaweuhan ka sukulangit
nganti anjeun negarkeun sakur harepan di nagri nu kungsi bencar
kalan-kalan sok kasawang sagumplukan halimun mindingan ketak
jeung girimis nu nyiriwik, nu tirisna ngabakutet réngkak anjeun
léléwana ngan sakadar saliwatan méméh beurang narawangan
ngajak gancang-gancang miang muru genclang pamidangan

(bérlin, 2011)

—————

Surachman RM

INCU KURING
dialamatkeun
ka Nini Antéh di bulan

pagéto lamun aya nu nempo
éta pasti incu kuring
jaga upama aya nu nyaba
tan lian rundayan kula

atawa anjeun geus jengker?
atawa nyampak tetengger?
mustahil! taya bahan pakeun percaya
kapan anjeun awét ngora awét jaya

(kentreung deui kentreung deui
kentreung lain tanda keueung)

di mana langit opat welas ngempur
sok hayang turun ka luhur
sok hayang mulang ka beuteung
meureun napakkeun dampal sorangan
nyaksikeun ambu kuncén buangan
upama jaga dikandung

(kentreung deui kentreung deui
kentreung sotéh keur nu ludeung)

nini antéh! nini antéh!
henteu béakeun kantéh?
ngan manéhna, incu kuring, nu nangtukeun
meunang ninun naun-naun:

jadi boéh bungkus buni
anu kari rorongkongna
atawa jadi amparan
tincakaneun nu digjaya

(kentreung deui kentreung deui
kentreung pikeun incu kuring)

13 Séptémber 1959

Lalab jeung Kaséhatan

pete-jengkolBEUKI dieu, nu ngaran panyakit beuki arahéng baé. Kungsi geuning, urang geunjleung ku ayana flu burung, hol deui flu babi. Sakabéh nagara taki-taki, bisi sasalad datang teu kanyahoan. Pamariksaan lar supna jalma di bandara harita dihangkeutkeun, bisi aya nu datang mawa virus.

Jaman beuki maju, nu ngajamanan beuki palinter, panyakit gé beuki réa rupana. Nu jelas mah pola hirup kudu bener-bener dijaga. Kudu balik deui ka alam, ceuk ahli keséhatan. Malah mun bisa mah kudu ninggalkeun rupaning kadaharan “instan” nu ngandung jat kimia pibahayaeun. Atuda heueuh, urang téh sok remen kabongroy ku kadaharan nu instan téa, cepat saji, nu jolna tina kabiasaan dahar bangsa deungeun. Tur padahal urang téh salaku urang Sunda, geus boga kabiasaan dahar kadaharan nu séhat.

Urang Sunda ti baheula geus resep kana lalab. Mun asup ka rumah makan nu nyadiakeun kadaharan atawa ménu urang Sunda, geus tangtu sabangsaning lalab mah geus tiheula nyampak na méja. Rupa-rupa. Ilikan wé, nu standar pisan mah geus pasti aya térong, bonténg, leunca, engkol, atawa nu séjénna. Ditambah sambel minangka sobat dalit lalab. Réngsé dahar téh lalab jeung sambel mah tara ieuh diitung, garatis.
Continue reading

Ngabungbang, Adumanis Sajak Lirik jeung Epik

531305_3516530877928_305343137_nDALAPAN puluh hiji sajak ditamperkeun ku Nazarudin Azhar dina buku antologi “Ngabungbang”. Nu maca baris diajak ngangkleung nuturkeun wirahma kecap nu dianggit tapis naker. Ngedalkeun rasa panyajak, nu karékam tina lalampahan. Simpé najan ngageuri, ditembrakkeun kalawan éndah. Malah ngajaul jadi palasipah nu nyosok jero.

di juru kafé, salsé pisan
jarum jam ngarajah salikur ngaran
dina harigu pasir umyang
wanoja nu anteng ngulinkeun léokna angin
dina rohang nu asa beuki karancang

sababaraha potrét sunsét
kaéndahan nu dibekukeun sangkan lana
midangkeun éstétika nu sabenerna fana
jadi lawang larsupna detik
nu nyampurnakeun sora
biduan jazz nu kadéngéna dareuda

(Kaéndahan, kaca 70)

Salah sahiji sajak nu impresif, ngaranggeum suasana hiji tempat tur ngajanggélék jadi fragmén weuteuh. Dina éta sajak aya ‘manéhna’ nu dicaritakeun. Manéhna nu gandrung, nyieun tapak kahirupan nu teu weléh pageuh nyekel rusiah. Ajeg najan hirup ditalikung rereged. Haté janglar bari nguyup sacangkir anggur.

Éta sajak jeung 30 sajak lianna aya dina bagéan kadua, nu dijejeran Dengkleung (kaca 65-106). Ari 50 sajak séjénna aya dina bagéan kahiji, dijejeran luyu jeung judul bukuna, Ngabungbang (kaca 11-61).

Ngabungbang jeung Dengkleung, lian ti jadi jejer bab dina kumpulan sajak, ogé kaasup sajak petingan dina éta buku. Malah, mun seug gemet disurahan mah — bisa jadi — ngawakilan kereteging panyajak.

Sajak Ngabungbang, ngajak nyaring lain waé dina harti nu saujratna. Tapi umajak pikeun ngawisik diri. Mairan gerentes haté sorangan / genah medar nu karuhan / nguculkeun nu teu payaan.

….
dina jandéla kaca sajeungkal
maluter cahyaning akal
lulurung manjang ka siklukna panyabaan
mulang reureuh rébo ku rasa leungiteun
barieukeun nénjo pamulu injeuman
ari nu karampa bet teu diceurik-seurikeun
teu disina nyorang leuweung eunteung

(Ngabungbang, kaca 33)

Ngabungbang dileupaskeun tina ugeran adat anu ilahar. Tapi dilegaan hartina ku panyajak. Nyaring tengah peuting mangsana bulan purnama ngan ukur bisa dipilampah sabulan sakali. Ngabungbang dina éta sajak mah bisa dilarapkeun peuting iraha waé, kawas nu ditandeskeun dina dua padalisan panungtung:

….
ngabungbang handapeun lampu baranang
mulut bulan tina lolongkrang kahéman.

Adek pisan jeung suasana kiwari. Kota anu sibuk, pinuh ku jalma nu lalunta. Hirup kumbuh nu dikepung ku modernisme, kalan-kalan teu méré lolongkrang pikeun reureuh. Nepi ka teu bisa ngarampa haté sorangan. Lantaran, jalma-jalma geus katalikung ku gaya hirup kota anu motah. Malah, cék éta sajak, barieukeun nénjo pamulu injeuman. Saha nu bisa dipercaya, lantaran jalma geus kalimpudan curiga jeung kacangcaya. Haté jadi cebrék, ilang rasa, taya deui nu bisa diceurik-seurikeun. Lantaran, lolongkrang pikeun ngawisik diri kacida heureutna. Tapi, panyajak gede harepan sarta umajak pikeun reureuh sajongjonan bari mulut bulan tina lolongkrang kahéman.

Upama sajak ngabungbang jadi panginditan. Diwewegan ku Sajak Dengkleung. Satutasna nyaring tina kondisi anu sarwa ratri atawa poék, ngolébat lir kingkilaban, sakilat nyésakeun peteng (Ratri, kaca 57). Laju nyaring. Geus nyaring tinggal ngeukeuhan, tetep ajeg, tong unggut kalinduan tong gedag kaanginan. Tatag pisan ditembrakkeun dina sajak Dengkleung (kaca 67).

ajeg nangtung dina jojontor karang
ngayonan naon nu rék dikadarkeun
satékah polah
jadi tangkal nu pengkuh
ti saprak dijurung régang
mesat akar dina lemah panuduhan angin

Lamun sajak Ngabungbang jeung Dengkleung diréndéngkeun. Tur dibaca patema-tema. Asana téh kawas nu silih pairan. Ngabungnbang minangka titik pangbalikan, ngaleupaskeun karep tina kepungan petengna kahirupan. Nyaring. Sanggeus ngeueum sirah dina ombak / karasa aya nu leyur dina pikiran / puyer nu keur ngayonan jangar / tapi taya obat nu ngarambah awak poé ieu / geus teu hayang dikadalian ku kasakit lahiriah / jiga karéréaan jalma nu teu payaan / humaregung di rohang panunggon / dibakutet kuciwa lantaran réa jadwal / nu teu bisa dihaminan.

Sajak Dengkleung, karasa nyesegan sajak Ngabungbang. Matak pantes lamun ku nu ngarangna jadi jontrot pikeun jadi jejer bab papasingan kumpulan sajak. Copélna, éta sajak Dengkleung ngawanti-wanti ka nu geus harudang tur cangra pikir, sangkan teu tigebrus deui ka wahangan hirup anu peteng. Kudu noyod, leumpang dina jalan bebeneran, adumanis dina dengkleung lagu teuneung, bari teu kagoda ku gurilapna kahirupan. Lantaran, réa warna nu karancang. Unggal beurang jeung peuting ajeg nangtung dina jojontor karang, jadi tangkal anu pengkuh.

Ditilik tina wangun, kumpulan sajak Ngabungbang kaasup anu sampulur. Aya anu pondok, aya nu panjang. Sajak pangpondokna diwangun ku dua jajar, sajak Ratri (kaca 57). Aya ogé nu ngan tilu jajar, sajak Geter (kaca 48). Umumna sajak-sajak dina bab Ngabungbang mah, ditilik tina panjang-pondokna kaasup ilahar. Kawilang pangpanjangna teh sajak Rarakitan (kaca 11), diwangun ku tujuh pada, kabéhna aya 28 padalisan.

Dina kumpulan sajak bagéan anu kahiji, umumna mah deuih sajak lirik nu namperkeun impresi. Najan aya nu ngaharib-harib kana epik, tapi teu pati nenggel kawas dina kumpulan puisi anu kadua, Dengkleung. Dina Dengkleung mah, sajak epik atawa anu ngalalakon téh karasa pisan diébréhkeun ku panyajak. Upamana waé Sandékala (kaca 86), Bal Cahaya (kaca 90), Dina Tiara Kusumawardhani (97). Méh kabéh puisi dina bagéan kadua mah ngalalakon, malah aya nu semu réportase sagala, ngalaporkeun kajadian nu kaalaman ku jalma-jalma, di antarana dina sajak Sanggeus Durukan Pareum (kaca 65), Kampung Naga (73), Kembang Silalatu (kaca 77), jeung nu lianna.

Teu kabéh sajak dina antologi Ngabungbang diguar di ieu rohang. Ieu mah minangka panganteur sausap saulas. Babalagonjangan waé, minangka pangbagéa, ngilu bungah. Lantaran kasusastraan Sunda kawilang obyag nepi ka kiwari. ***

Bumi Resik Panglayungan
11 September 2012

Sastra di Sakola

Ti Béngkél Sastra nepi ka Ramatloka

Literasi media Sabalad Pangandaran
Literasi media Sabalad Pangandaran

REMEN pisan kareungeu – malah diaku ku para guru pisan – pangajaran sastra di sakola can nyugemakeun. Alatan, siswa olab ku tiori. Tong boro, siswa parigel nulis sajak atawa carita pondok, dalah kaparigelan maca karya ogé, cenah, kaluli-luli.

Ngaguar hiji karya, nepi kaperet cipatina can bisa dilarapkeun kalawan tapis ku para siswa. Padahal, ceuk sakaol, rarasaan geus béak déngkak nepikeun bahan ka barudak téh. Metakeun rupa-rupa jurus. Boh nu diundeur basa kuliah di Universitas Pendidikan Indonésia atawa meunang  namperkeun tina seminar-seminar. Tapi da kélu, dina prak-prakanana teu weléh sok tara imeut. Sok nyamos waé.

Eta cenah aya sakaol nu nyebut, diajar sastra mah teu pikaresepeun. Ngan kitu jeung kitu waé. Taya kamonésan. Matak bosen. Siswa arang diajak ancrub neuleuman ajén-ajén nu dikandung ku karya sastra, tapi diwewelan teuing ku tiori téa. Munasabah lamun hasilna teh ngan ukur apal cangkem. Sausap saulas. Ukur cangkang, henteu nyosok jero kana eusi.

Padahal dina kurikulum, apan kaunggel aya aspék kaparigelan sastra ti SD nepi ka SMA. Tur dibéjérbéaskeun diwengku ku ngadéngékeun (ngabandungan), maca, nyarita, jeung nulis. Ngan hanjakal – sakumaha nu ditembrakkeun ku Nurwéni Saptawuryandari, basa Konférénsi Internasional Kesusastraan XIX nu diluluguan ku Himpunan Sarjana Kesusastraan Indonesia (HISKI) – palebah neuleuman karya sastra atawa apresiasi sastra sok ngatog kénéh. Siswa antukna mah ukur ngapalkeun judul-judul buku jeung pangarangna, bari jeung henteu  ancrub ngaguar ‘téks’-na.

Lamun diimeutan, nu diréngkolkeun dina kurikulum, saenyana mah geus kawilang nyumponan. Nu jadi pasualan, waktu nu samporét. Acan deuih lamun dibandingkeun lolongkrangna jeung pangajaran basa. Pangajaran sastra mah éstuning, leuwih saeutik batan bagbagan linguistik atawa elmu basa. Ieu ogé jadi bangbaluh nu lain meumeueusan.

Katambah-tambah, lamun karep guruna sorangan mumul neuleuman sastra. Katurug katutuh kasebutna. Keur mah eukeur, waktuna pikeun ngajarkeun sastra mah kawatesanan, katurug-turug teu dirojong ku kaparigelan guruna deuih. Atuh, rohang keur  pangajaran sastra téh beuki towong.

Saenyana mah geus aya tarékah pikeun ngungkulan, sangkan diajar sastra di sakola teh bisa jadi jontrot. Lantaran lamun ditamperkeun mah, karya sastra téh ngemu ajén-inajén hirup, nu bisa dilarapkeun dina réngkak paripolah sapopoé. Cohagna mah, sebut wae sastra téh bisa jadi pakakas atawa instrumen pikeun ngajarkeun budi pekerti ka barudak . Copélna, ku ngadadarkeun dongéng apan tétéla pisan nembrakkeun ajén hadé jeung goréng, lamun goréng balukarna sangsara, lamun hadé bakal kasinugrahan bagja.

Apan éta pisan nu jadi udagan pangajaran sastra téh, ngawewegan pribadi siswa, ngajembaran wawasan, lian ti ngaronjatkeun pangaweruh tur kaparigelan maké basa. Malah dipiharep lamun éta udagan geus kahontal, siswa baris mikareueus karya-karya sastra beunang pangarang pituin Sunda atawa bangsa sorangan. Piraku waé lamun geus nepi ka éta makom, karep nulis atawa nyieun karya teu kadorong.

Ayeuna mah teu kudu patuding-tuding, néangan saha nu salah, nepi ka pangajaran sastra di sakola téh atung-atung énéh aé. Da lamun nilik kana bahan nu geus aya mah, sagalana geus nyampak. Ayeuna mah kari soson-soson ngajalankeunana. Ulah satengah-satengah atawa padu waé.

Lamun téa mah, rumasa pangaweruh tur kaparigelan sastra kawatesanan, apan bisa ngumaha ka para sastrawan di wewengkon séwang-séwang. Lamun nu rék diobyagkeun di sakola sastra Sunda – upamana – hadéna mah meredih waé ka Paguyuban Pangarang Sastra Sunda (PPSS), sangkan ngirim atawa nuduhkeun saha sastrawan nu rék dilulungsur pikeun ngadeudeul bagbagan sastra langsung ti puhuna.

Ieu pasualan téh saenyana geus disanggap ku Pusat Bahasa, Departemén Pendidikan Nasional. Malah mah ti béh ditu kénéh.

Di antarana waé ku gumelarna Béngkél Sastra taun 1994. Jadi lain perkara nu anyar. Éstuning ieu masalah téh geus heubeul. Kagiatanana, ngumpulkeun siswa SMP jeung SMA pikeun diajar sastra kalawan diaping ku para sastrawan. Téknisna dibagi tilu kelas workshop. Aya kelas puisi, kelas carita pondok, jeung kelas drama.

Anyar kénéh pisan, sastrawan teureuh Tasik, Acep Zamzam Noor, diperedih ku Pusat Bahasa pikeun nyieun film dokumenter nu ngagambarkeun pangajaran alternatif sastra ti mimiti SD nepi ka SMA. Lalajo film, memang salah sahiji cukang nu bisa nyambungkeun para siswa jeung sastra. Tangtuna waé, film nu baris disuguhkeun ka barudak kudu luyu jeung kabutuh.

Lian ti média film, ramatloka (internét) ogé salahsahiji cukang nu bisa dipaké pikeun ngawanohkeun sastra ka barudak. Tangtuna, para guru diperedih parigel atawa copélna wanoh jeung internét. Lain waé keur siswaSMP atawa SMA, dalah siswa SD oge ayeuna mah geus tapis, manco hareupeun komputer ngadon pésbukan. Teu saeutik nu geus bisa nyarieun surat elektronik, tur nyieun akun sorangan dina “jejaring sosial”. Batan manco kana facebook, jigana aya hadéna lamun barudak téh sina ngulampreng kana siteus nu eusina bahan pangajaran sastra.

Tangtuna, kudu disadiakeun eusi ramatloka nu bisa nyumponan kabutuh para guru sastra jeung siswa. Lain perkara nu mustahil. Pasti bisa dipilampah. Asal soson-soson. Da lamun keyeng mah, sagala perkara ogé tangtu pareng.

Indihiang, 22 Januari 2011